
JURNALPOLRI.COM – Tasikmalaya – Keprihatinan mendalam tengah dirasakan para alumni SMK Swadaya. Sekolah nu baheulana kungsi berjaya sareng ngalahirkeun seueur alumni nu sukses, ayeuna justru disorot kusabab jumlah muridna terus merosot sacara drastis, Selasa (24/11/2026).
Data nu dihimpun alumni nunjukkeun, dina taun 2025 jumlah siswa anyar ngan ukur 7 urang. Teras dina taun 2026 jumlahna beuki nyusut jadi ngan 4 urang siswa.
Kondisi éta ngajantenkeun para alumni hariwang kana nasib keberlangsungan SMK Swadaya ka hareupna. Lamun teu gancang disikapi, sekolah nu kungsi janten tempat ngawangun masa depan barudak ieu dikhawatirkeun bakal leungit tina peta pendidikan.
Adang Wahyu, salah saurang alumni angkatan pertama, ngagagas gerakan kanggo ngajak alumni lianna supaya sauyunan, sapemikiran, sareng babarengan nyikapi kondisi SMK Swadaya ayeuna.
“Kami tidak ingin SMK Swadaya hanya tinggal kenangan. Kami ingin tahu apa sebenarnya yang terjadi, dan bersama mencari jalan keluar agar sekolah ini bisa bangkit lagi,” ujar Adang Wahyu.
Para alumni rencanana bakal ngadep ka yayasan nu berwenang sareng bertanggung jawab kana keberlangsungan sekolah. Alumni hoyong kénging katerangan nu transparan ngeunaan kondisi sekolah ayeuna, ogé solusi konkret kanggo nyalametkeun SMK Swadaya.
Alumni negeskeun, gerakan ieu lain kanggo nyalahkeun saha-saha, tapi mangrupikeun bentuk kapedulian sareng tanggung jawab moral alumni ka almamater.
“Kami datang sebagai keluarga besar alumni. Kami ingin berdiskusi, bukan berkonflik. Yang kami perjuangkan adalah masa depan sekolah dan generasi berikutnya,” tambah Adang Wahyu.
Para alumni ngaharepkeun yayasan tiasa muka ruang dialog, ngadéngékeun aspirasi alumni, sareng babarengan nyusun léngkah penyelamatan sekolah, boh tina segi manajemen, promosi penerimaan siswa baru, kualitas pendidikan, ogé dukungan alumni.
Pewarta : Yats
